Padesaan
Cipt : Sandi Mardani
Bray Panon
poe nu endah tur caang
Ricit na sora manuk di tiap dahan tangkal
Di lingkung ku sawah anu makplak
Di jero saung leutik kuring niis
Rincik na hujan nambih ka nineung
Ningali kenteng bararocor
Suluh bararaseuh budak cing
karoceak
Deudeuh gusti mung ieu nu
nyieun endah padesaan
Reup panon
poe
Hate masih nineung ku waas na desa
Tongeret jeung jangkrik ieu batur urang
Tapi mung ieu nu nyieun endah na hate
Di luhur sajadah samak
Namprakeun kadua panangan tengkulkeun
mastaka
Clakk Clakk cai panon ngeclak
dina kongkolakan soca
Hampura ieu abdi nu lamokot ku
dosa gusti
Hudang subuh
ngadangu hayam jeung manuk silih tembalan
Ngageroan gera hudang
Lempang ka teras muka keun panto kaluar
Subhanalloh endah pisan ieu padesaan Ya Alloh
0 komentar:
Posting Komentar