Diberdayakan oleh Blogger.
RSS

Sajak Sunda



Padesaan
Cipt : Sandi Mardani

Bray Panon poe nu endah tur caang
Ricit na sora manuk di tiap dahan tangkal
Di lingkung ku sawah anu makplak
Di jero saung leutik kuring niis

            Rincik na hujan nambih ka nineung
            Ningali kenteng bararocor
            Suluh bararaseuh budak cing karoceak
            Deudeuh gusti mung ieu nu nyieun endah padesaan

Reup panon poe
Hate masih nineung ku waas na desa
Tongeret jeung jangkrik ieu batur urang
Tapi mung ieu nu nyieun endah na hate

            Di luhur sajadah samak
            Namprakeun kadua panangan tengkulkeun mastaka
            Clakk Clakk cai panon ngeclak dina kongkolakan soca
            Hampura ieu abdi nu lamokot ku dosa gusti

Hudang subuh ngadangu hayam jeung manuk silih tembalan
Ngageroan gera hudang
Lempang ka teras muka keun panto kaluar
Subhanalloh endah pisan ieu padesaan Ya Alloh

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

0 komentar:

Posting Komentar